Thursday 3 May 2018

PANTUN NISHFU

Ka sumur rék masang lampu
Ka situ mah rumpu-rampa
Umur nepi kana nisfu
Tilu rupa nu dipénta

Ka Ciranjang meuli semur
Baraya mah rèk berobat
Kahijina panjang umur
Supaya aya keur tobat

Meuli kadu dua siki
Seungitna kawanti-wanti
Kaduana mènta rizki
Bekel ibadah ka Gusti

Kanyahoan ka dituna
Pédah aya anu ngasin
Kuat iman katiluna
Wasilahna ngaos yasin

Wilujeng... mugia sadayana anu di grup baraya ieu panjang yuswa bari sehat sarta barokah sagala rupina na, tiasa ngalaksanakeun shaum romadhon anu sampurna .. aamiin yaa robbal 'alamiin...
Teukalangkung neda di hapunten dina sagala  anu karaos atanapi teukaraos...

0 comments:

Post a Comment